Selasa, 30 Oktober 2012

Hirup

Peuting nu simpe
dipapaes ku reangna jangkrik dialokan ku sora bebence
lampu lima 5 wat nu ngagantungnu caangna mimiti pudar maturan lamunan
panon anteng neuteup lalangit kamar nu warnana bodas semu koneng 
nu geus lawas dihakan nu zaman.
peuting nu geus ngagayuh kasubuh,karasa tiis nyecep kana tulang
norobos kana liang tina sela-sela bilik nu carang.
lamunan narawang jauh kamangsa katukang.....
teu karasa cipanon ngembeng maseuhan pipi .. ras inget kanasib diri
asa beda jeung nulian       bersambung.............